Saturday, September 15, 2012

Sakapur Seureuh

Sugrining puji anu sampurna sareng pangalem sagemblengna eta tetep kagungan Alloh, anu dipikaresep welas sareng ganjaran nana anu dipika sieun bendu sareng siksaan nana, Rohmat sareng salam anu utami mugia tetep ka pang afdol-afdolna nabi nya eta Nabi Muhammad SAW. anu mana upami teu aya anjeuna yaktos Alloh moal ngadamel Bumi sareng Makhluqna. Amma ba'du. Maka ari ieu alamat blog tijanuljawahir diserat ku jalmi anu banget beunghar ku dosa faqir ku ilmu anu kacida ngarep-ngarep kana taofek sareng rohmat Alloh Ujang Miftah bin Anda bin Irin.

Ieu manaqib di serat ulang ku sim abdi anu dho'if di tukil tina manaqib aslina karangan H. Muhammad Juweni bin H. Abdurrohman Parakan Salak anu judulna eta kitab "Tijanul Jawaahir fii Manaqibi Sayyid Abdul Qodir" kalayan teu dilangkung atanapi kirangan kalimatna teu disumput salindungkeun Hak sareng Batilna.


Dupi maksad di serat ulang nyaeta kieu:
Rama sim kuring nya eta mbah Anda kalintang resepna ngaos ieu manaqib teh ti waktos jagjag dugi ka ayeuna yuswa 76 taun, nyakitu tea ari tos sepuh mah geuning sok seu'eur nu diraos salah sawiosna nya eta paningalina ayeuna teh tos kirang awas, tos teu mempan ku di kacamata an, nya anjeuna miwarang sim abdi putra na pang ngageungkeun huruf-hurufna ieu manaqib saurna teh, nya kawitna mah ku sim abdi teh ieu manaqib di scan da supados gancang jantenna, maksadna tos di scan bade di damel ukuran A3, nanging kalintang hanjakal ningali hasil scanan nana, aksarana pecah kumargi ieu manaqib tos kalintang sepuhna warnana atos pudar sareng kucel ( ieu buktos kitab aslina Klik ). Ahirna sim abdi maksakeun kakarayapan ngetik sahuruf-sahuruf. Kumargi kitu bilih aya lepat jabar je'erna atanapi kalimatna sim abdi nyuhunkeun karidoan palawargi sadaya negur kangge ngaleresken ieu manaqib sakumaha mistina.

Alhamdulillah, kalayan pitulung Alloh ieu manaqib rengse oge dina waktos 16 dinten, teras sim abdi ngagaduhan ide manawi aya wargi-wargi anu priogi ku ieu manaqib bahasa Sunda anu diserat ku huruf arab, teras bae abdi ngadamel ieu Blog anu dinamian sepertos nami kitab aslina nya eta Tijanul Jawahir. Nanging hapunten bae ka para wargi sadayana ieu postingan teu tiasa di Copy Paste kumargi sim abdi hawatir bilih aya panangan anu henteu tanggel waler ngacak-ngacak ieu manaqib.
Bilih aya wargi-wargi anu minat ngagaduhan ieu manaqib sunda mangga di antos bae kintunan emailna ka dieu: tijanuljawahir@yahoo.com

Insya Alloh ku sim abdi di kintun keun format PDFna kalayan Gratis.
Mudah-mudahan ieu blog aya manfaatna, kangge simkuring sakulawargi khusuna, umumna kangge sadaya muslimin muslimat anu yakin kana karamat Wali-Wali Alloh.


Salam Hormat,

Ujang Miftah/Khangzack


0 comments:

Post a Comment